Type Here to Get Search Results !

kaulinan sunda Ambil-ambilan

 Ambil-ambilan nyaéta kawih kaulinan barudak anu dikawihkeun ku dua rombongan atawa kelompok ngajajar pahareup-hareup.[1] Cara ngawihna siligenti patémbalan kawas sisindiran, tuluy tinuluy nepi ka éléh rombongan atawa kelompok nu hareupna teu bisa ngajawab deui.[1] Budak nu kapilih ku rombongan anu kabagéan milih, disebut ngaranna tuluy pindah ka rombonganana atawa kelompokna, pindahna bari éngké-éngkéan sarta bari disurakan "maling endog!" ku rombongan anu ditinggalkeun.[1] Tuluy nu éléh biasana kudu narima hukuman ti nu meunang, lamun nu éléh teu narima kana hukumanana bisana sok leuwih disurakan ku barudak nu meunang atawa disebutan "euweuh kanjutan!" keur lalaki, mun keur awéwé mah biasana sok disebutanna téh "euweuh peurahan!".[1] Kieu rakitan kaawihna:





Ambil-ambilan
turuktuk hayam samantu
Saha nu diambil
kami mah teu boga incu
Si Anu ka dieu
purah nutu purah ngéjo
purah ngasakan baligo
Nyerieun sukuna
kacugak ku kaliagé
Aya ubarna urat munding campur ragé
tiguling nyocolan dagé.[1]

Kawih lianna :

Ambil-ambilan
turuktuk hayam samantu
Saha nu diambil,
kami mah teu boga incu
boga gé anak pahatu
Pahatu gé daék
purah nutu purah ngéjo
purah ngasakan baligo
Nyerieun sukuna
kacugak ku kaliagé[2]
Aya ubarna urat munding campur ragé
tiguling nyocolan dagé.[1][3]

Tags

Post a Comment

0 Comments
* Please Don't Spam Here. All the Comments are Reviewed by Admin.